Gambar Khutbah Jumat Bahasa Sunda Cara Allah Ngamuliakeun Bulan Sya’ban dakwah.id

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: 3 Cara Allah Ngamuliakeun Bulan Sya’ban

Terakhir diperbarui pada · 4,514 views

Khutbah Jumat Bahasa Sunda
3 Cara Allah Ngamuliakeun Bulan Sya’ban

Pemateri: Mubin Amrulloh, Lc., M.S.I

*) Tautan unduhan PDF kanggo bahan khutbah Jumat aya di ahir tulisan

اَلْحَمْدُ للهِ الْوَاحِدِ الْقَهَّارْ، اَلْعَزِيْزِ الْغَفَّارْ، مُكَوِّرِ اللَّيْلِ عَلَى النَّهَارْ، تَذْكِرَةً لِأُولِى الْقُلُوْبِ وَالْأَبْصَارْ، وَتَبْصِرَةً لِّذَوِي الْأَلْبَابِ وَالْإِعْتِبَارِ. أَشْهَدُ أَنْ لَاۧ إِٰلهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهْ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْخَلاَئِقِ وَالْبَشَرْ.

اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ نُوْرِ الْأَنْوَارْ، وَعَلَى أٰلِهِ وَصَحْبِهِ الْأَطْهَارْ. أَمَّا بَعْدُ، فَيَآأَيُّهَا الْمُسْلِمُوْنَ! أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ فَقَدْ فَازَ مَنِ اتَّقَى. فَقَالَ اللهُ تَعَالَى فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ: يَا اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ، وَقَالَ أَيْضًا: وَتُوبُوْا إِلَى اللهِ جَمِيْعًا أَيُّهَا الْمُؤْمِنُوْنَ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ.

Para wargi jamaah sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Dina saat sareng di tempat ieu mangga urang sami-sami muji syukur ka Allah subhanahu wata’ala, tina sagala kanikmatan anu parantos dipasihkeun ka urang sadaya, terutami nikmat iman sareng Islam.

Shalawat sareng salam mugia salamina dilelerkeun kajunjunan alam nabi terakhir Kanjeng Nabi Muhammad Rasulullah shallallahu ‘alaihi wasallam, rahmat sareng shalawat mugia deui dilelerkeun ka kulawarga, sahabat, tabi’in miwah urang sadaya anu senantiasa miharep kabagjaan di dunia rawuh akhirat.
Para wargi jamaah sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah

Dina waktos ieu simkuring salaku khatib neda wasiat ka diri khatib oge ngajak ka hadirin sadaya manga urang sami-sami ningkatkeun katakwaan ka Allah subhanahu wata’ala ku ngajalankeun sagala rupi anu diparentahkeun ku mantenna sareng ngupayakeun sangkan ngajauhi sagala rupi anu dilarang, margi katakwaan bakal janten sa sae-saena bekal saban-saban jalma di yaumil jaza’ wal hisab.

Para wargi jamaah sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah

Upami ningal kana kamus, Sya’ban secara bahasa hartosna jalan diluhur gunung, makna nu ieu teh sajalan sareng bulan Sya’ban dina pada bulanna kanggo mayunan bulan shiyam nyaeta Ramadhan.

Ieu oge mangrupikeun kiasan yen bulan anu kadalapan dina kalender Hijriyah ieu teh mangrupikeun hiji momen anu kawilang tepatna kanggo nganapaki jalan kasaean, nyaeta bulanna kanggo nyiapkeun bekel oge nyambut bulan anu mulya, nyaeta bulan suci Ramadhan.

Artikel Fikih: Shalat Alfiyah Nishfu Sya’ban itu Bagaimana sih Asal Usulnya?

Bulan Sya’ban anu aya di antara bulan Rajab sareng Ramadhan katingalna mah kirang diperhatoskeun pisan tibatan dua bulan anu ngahimpitna. Di bulan Rajab misalna, urang sadaya sering nguping kana perkawis kautamaan-kautamaan nana, ti kawit kautamaan shiyam dugi ka amalan-amalan anu sanesna.

Di bulan Rajab oge urang sadaya mayunan hiji peristiwa anu begitu agungna nyaeta peristiwa Isra sareng Mi’raj na kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam.

Bulan shaum langkung hebat deui, saban jalma dina nalika mayunan bulan shiyam saolah-olah janten jalma anu anyar kaperibadian nana, saban jalma saling lomba kanggo ngaraih pahala anu dilipatgandakeun.

Tangtosna henteu kitu dina waktosna mayunan bulan Rajab, dina salahsawios dauh kanjeng Nabi anu diriwayatkeun Abu Daud sareng Imam an-Nasa’i, Kanjeng Nabi shallallahu ‘alaihi wasallam nyebatkeun yen bulan Sya’ban teh kalebet kana bulanna anu kalobaan jalma mopohokeun, boh amalan-amalan nana oge kautamaan anu aya dilebetna.

Para wargi jamaah sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Salah sawios buktosna bulan Rajab teh kalebet kana bulan anu dimuliakeun ku Allah nyaeta urang tiasa ningal kana sababaraha kajantenan sajarah anu kawilang pentingna, ieu kajantenan teh sanes mung saukur buktos historis wungkul, namung ieu janten buktos oge yen Allah subhanahu wata’ala ngamuliakeun bulan Sya’ban.

Kahiji: Bulan Sya’ban Bulan Turun Wahyu Parentah Shalawat

Cara Allah ngamuliakeun bulan Sya’ban kahiji dina bulan Sya’ban Allah subhanahu wata’ala nurunkeun hiji ayat tentang parentah shalawat ka kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam, sakumaha nu aya dina Al-Quran surat Al-Ahzab ayat 56, Allah subhanahu wata’ala ngadauhkeun,

إِنَّ ٱللَّهَ وَمَلَـٰۤىِٕكَتَهُۥ یُصَلُّونَ عَلَى ٱلنَّبِیِّۚ یَـٰۤأَیُّهَا ٱلَّذِینَ ءَامَنُوا۟ صَلُّوا۟ عَلَیۡهِ وَسَلِّمُوا۟ تَسۡلِیمًا

Saéstuna Allah jeung para malaikat-Na Shalawat ka Kanjeung Nabi, Wahai jalma-jalma anu ariman! Shalawat ka Nabi sareng salam ka anjeunna kalayan hormat.” (QS. Al-Ahzab: 56)

Ma’asyiral muslimin, mayoritas ulama khususna kalangan mufassirin sepakat yen ayat ieu teh lungsurna di bulan Sya’ban. Nu mana shalawat upami ditingal kana hartosna secara bahasa, shalawat dicandak tina kalimat shalat nu hartosna doa, sementawisna dina ieu ayat aya tilu shalawat: nu kahiji, shalawatna Allah; nu kadua, shalawatna malaikat; sareng nu katilu parentah shalawat kanggo umatna kanjeng Nabi shallallahu ‘alaihi wasallam.

Materi Khutbah Jumat: Bulan Sya’ban Pintu Gerbang Kemuliaan

Imam Ibnu Katsir rahimahullah dina kitab tafsirna ngutip cariosan Imam Bukhari rahimahullah, saurna Allah shalawat ka kanjeng Nabi ieu maksadna Allah maparin rahmat oge ngamumule sareng ngalem ka anjeunna. Malaikat shalawat ka kanjeng nabi, maksadna malaikat ngadoa sareng ngadoakeun kanjeng nabi, sareng umatna Kanjeng Nabi shalawat ka anjeunna dina raraga miharep kabarakahan tina eta shalawat.

Ku ayana kitu, ayat ieu janten buktos oge yen Kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam ngagaduhan kadudukan anu mulya dipayunen Allah, dina pada Allah nurunkeun rahmat oge kasaean, malaikat ngadoakeun, oge umatna diparentah pikeun ngamulyakeun anjeunna ku jalan nyeueurkeun shalawat ka anjeunna.

Para wargi jamaah sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Kadua: Bulan Sya’ban Bulan Turun Parentah Shaum di Bulan Ramadhan

Cara Allah ngamuliakeun bulan Sya’ban kadua, bulan Sya’ban mangrupikeun bulanna turun ayat anu eusina marentahkeun sakabeh umat Islam pikeun shaum di bulan Ramadhan, ayat anu dimaksud nyaeta Al-Quran surat Al-Baqarah ayat 183, Allah subhanahu wata’ala ngadauh,

يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُوا۟ كُتِبَ عَلَيْكُمُ ٱلصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى ٱلَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ

Wahai jalma-jalma anu iman, geus diwajibkeun ka aranjeun puasa sakumaha geus diwajibkeun ka jalma-jalma saacan aranjeun, supaya aranjeun jadi takwa.” (QS. AlBaqarah: 183)

Ma’asyiral Muslimin, parentah puasa nu ku Allah didugikeun ka hamba-hamba na, ieu mangrupikeun rahmat oge kawelas asih ti mantenna, naon margina? Margi puasa janten prisai, sahingga saha wae jalma anu ngajalankeun, maka eta puasa bisa nahan sareng ngaredam nafsu anu seringna eta nafsu teh nganungtut pikeun dimamanja.

Ku ayana kitu, ngalangkungan ibadah puasa, saban manusa ditempa rohanina pikeun nahan kana sagala rupi godaan dunia, ti mulai nahan diri tina sagala kadaharan oge inuman, jeung sagala rupi anu mubah sareng dihalalkeun. Ieu janten buktos anu kiat yen aya anu langkung penting tibatan kenikmatan dunia, nyaeta kanikmatan negeri akhirat ku jalanna patepang sareng Allah nu maha kawasa.

Bulan Ramadhan hiji bulan anu kawilang muliana ti bulan-bulan nu lainna. Naon hartosna? Bahwa di mana disebatkeun bulan Ramadhan, maka tangtos bulan Sya’ban janten hiji bulan anu ngarekam sajarah difardhukeun nana puasa di eta bulan pikeun sakabeh jalma muslim salami sabulan pinuh.

Bulan Sya’ban janten tonggak dina pada hadirna hiji bulan anu mangrupikeun anugerah istimewa ti Allah, sahingga sagala rupi kasaean pahalana dilipatgandakeun.

Ku ayana kitu, sangkan urang tiasa ngamaksimalkeun ibadah shiyam di bulan suci Ramadhan. Sareng kulantaran muliana bulan Sya’ban ieu, kanjeng Nabi shallallahu ‘alaihi wasallam parantos masihan resep atanapi motivasi ku jalan anjeunna nyalira langsung nyontokeun ku teladan anu terbaikna. Dina hiji riwayat Sayyidah ‘Aisyah dina waktosna ditaros perkawis kumaha shaumna kanjeng Nabi di bulan Sya’ban, anjeunna ngawaler, saurna,

لَمْ يَكُنِ النَّبِيُّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَصُومُ شَهْرًا أَكْثَرَ مِنْ شَعْبَانَ، فَإِنَّهُ كَانَ يَصُومُ شَعْبَانَ كُلَّهُ

Nabi shallallahu ‘alaihi wasallam pernah puasa dina sabulan langkung seueur puasana di bulan Sya’ban, sabab satemenna anjeunna ngalakukeun puasa bulan Sya’ban sagemblengna.” (HR. Al-Bukhari No. 1834; HR. Muslim No. 1957)

Para wargi jamaah sidang shalat Jumat anu dimuliakeun ku Allah,

Katilu: Bulan Sya’ban Bulan Pindah Kiblat

Cara Allah ngamuliakeun bulan Sya’ban katilu, bulan Sya’ban oge janten sajarah dimulaina Kakbah janten kiblat na umat Islam sabakdana masjid Al-Aqsa, sajarah pindahna ieu kiblat teh ditandai ku turunna ayat Al-Quran surat Al-Baqarah Ayat 144, Dauh Allah:

قَدْ نَرَىٰ تَقَلُّبَ وَجْهِكَ فِى ٱلسَّمَآءِ ۖ فَلَنُوَلِّيَنَّكَ قِبْلَةً تَرْضَىٰهَا ۚ فَوَلِّ وَجْهَكَ شَطْرَ ٱلْمَسْجِدِ ٱلْحَرَامِ ۚ وَحَيْثُ مَا كُنتُمْ فَوَلُّوا۟ وُجُوهَكُمْ شَطْرَهُۥ ۗ وَإِنَّ ٱلَّذِينَ أُوتُوا۟ ٱلْكِتَٰبَ لَيَعْلَمُونَ أَنَّهُ ٱلْحَقُّ مِن رَّبِّهِمْ ۗ وَمَا ٱللَّهُ بِغَٰفِلٍ عَمَّا يَعْمَلُونَ

Saéstuna Kami (sering) ningali raray anjeun neuteup ka langit, tuluy Kaula baris malikkeun anjeun ka kiblat anu ku anjeun pikaresep. Ngalieuk ka arah Masjidil Haram. Di mana waé anjeun aya, malikkeun wajah anjeun ka arahna. Jeung satemenna jalma-jalma (Yahudi jeung Nasrani) anu dibere Kitab (Taurat jeung Injil) geus nyaho yen balik ka Masjidil Haram téh bener ti Pangéran maranéhna; jeung Allah henteu malire kana naon anu maranehna laksanakeun.” (QS. Al-Baqarah: 144)

Ma’asyiral muslimin, Imam Al-Qurthubi dina tafsirna Al-Jaami’ li Ahkamil Quran sawaktosna anjeunna nafsirkeun ieu ayat ku ngutip pendapatna Abu Hatim Al-Busti, anjeunna nyebatkeun yen Allah Nu Maha Kawasa marentah ka kanjeng Rasul shallallahu ‘alaihi wasallam pikeun mindahkeun kiblat dina wungian dinten salasa bulan Sya’ban anu bertepatan sareng wungian nana nisfu Sya’ban.

Artikel Fikih: Hadits Maudhu’ Tentang Malam Nishfu Sya’ban yang Perlu Diketahui

Kiblat janten hiji simbol katauhidan, margi sakabehna jalma muslim ngadep ka hiji tujuan, salain ti eta, pindahna kiblat ti masjidil Aqsa ka Masjidil Haram teh negaskeun ka urang sadaya yen Allah Nu Maha Kawasa teu butuh kana waktos oge tempat.

Hal ieu sakumaha sajarah perobihan katangtuan kiblat anu teu mutlak ka saarah wungkul. Umat Islam dina waktosna henteu aya dina kaayaan nyembah Kakbah atanapi masjidil Aqsa, balikta sakabehna umat Islam aya dina kaayaan nyembah ka Allah subhanahu wata’ala.

Ku ayana kitu, mudah-mudahan urang sadaya kalebetkeun dina barisan jalma-jalma anu sanggup oge dipaparin kakiatan ku Allah pikeun ngisi ieu bulan Sya’ban ku kataatan anu sampurna kalayan lisan urang setiap waktos baseuh ku zikir ka Allah, istifghfar tina sagala rupi kasalahan, sareng baseuh ku seueurna shalawat ka kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam, sahingga dina waktosna urang dugi ka bulan mulia bulan suci Ramadhan, urang siap kanggo nyambutna kalayan hate anu bersih tur raga anu maksimal dimanfaatkeun dina kataatan ka Allah subhanahu wata’ala.

بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِي هذَا وَاَسْتَغْفِرُ اللهَ لِي وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

KHUTBAH KADUA

الْحَمْدُ لِلَّهِ حَمْدًا كَثِيرًا طَيِّبًا مُبَارَكًا فِيهِ كَمَا يُحِبُّ رَبُّنَا وَيَرْضَى، وَأَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ، صَلَّى اللهُ وَسَلَّمَ وَبَارَكَ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنِ اهْتَدَى بِهُدَاهُمْ إِلَى يَوْمِ الدِّينِ. أَمَّا بَعْدُ،

فَيَا أَيُّهَا الْمُسْلِمُوْنَ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ عَظِيْمٍ، أَمَرَكُمْ بِالصَّلَاةِ وَالسَّلَامِ عَلَى نَبِيِّهِ الْكَرِيْمِ فَقَالَ: إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا،

اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ، فِيْ الْعَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.

اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ والْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ الْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ، اللهم ادْفَعْ عَنَّا الْبَلَاءَ وَالْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ، مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، مِنْ بَلَدِنَا هَذَا خَاصَّةً وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَّةً، اللَّهُمَّ حَرِّرْ بَيْتَ المَقْدِسِ إِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ

عِبَادَ اللهِ، إنَّ اللهَ يَأْمُرُكُمْ بِالْعَدْلِ وَالْإحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى ويَنْهَى عَنِ الفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَر.

Unduh PDF Materi Khutbah Jumat Singkat pikeun dakwah.id
3 Cara Allah Ngamuliakeun Bulan Sya’ban di dieu:

Mugia aya manfaatna!

Materi Khutbah Jumat Terbaru:

Topik Terkait

Mubin Amrullah

Direktur Markaz Tahfidz Daarut Tanziil Bogor Jawa Barat, Alumni LIPIA Jakarta dan Magister Dirasah Islamiyah UIN Syarif Hidayatullah Jakarta, Konsentrasi Syariah Islam (Ilmu Studi Islam).

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *