materi khutbah idul fitri bahasa sunda meunteun kana prestasi ramadhan dakwah.id

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda: Meunteun Kana Prestasi Ramadhan

Terakhir diperbarui pada · 1,830 views

Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda
Meunteun Kana Prestasi Ramadhan

Pemateri: Mubin Amrulloh, Lc., M.S.I

*) Link download file PDF materi khutbah Idul Fitri untuk print ada di akhir tulisan.

اَللهُ أَكْبَرْ، اَللهُ أَكْبَرْ، اَللهُ أَكْبَرْ، لَا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَاللهُ أَكْبَرْ، اَلله ُأكْبَرْ وَللهِ الْحَمْدُ  

اَللهُ أَكْبَرُ مَا تَعَاقَبَ اللَّيْلُ وَالنَّهَارُ، اَللهُ أَكْبَرُ مَا اصْطَلَحَ التَّائِهُوْنَ مَعَ اللهِ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى فَصَفَحَ عَنْهُ وَتَابَ وَغَفَرَ.

اَللهُ أَكْبَرْ، اَللهُ أَكْبَرْ، اَللهُ أَكْبَرْ. سُبْحَانَ رَبِّيْ مِلْءَ الْمِيْزَانِ، سُبْحَانَ الْمُسَبَّحِ فِىْ كُلِّ مَكَانٍ، سُبْحَانَ مَنْ اَدْخَلَ عِبَادَهُ الْمُؤْمِنِيْنَ اِلَى الْجِنَانِ، سُبْحَانَ اللهِ وَالْحَمْدُ للهِ وَلَا اِلَهَ الَّا اللهُ وَاللهُ اَكْبَرْ  

اَلْحَمْدُ للهِ حَمْدًا يُكَافِيْ نِعَمَهُ، وَيُكَافِئُ مَزِيْدَهُ، يَا رَبَّنَا لَكَ الْحَمْدُ كَمَا يَنْبَغِيْ لِجَلَالِ وَجْهِكَ الْكَرِيْمِ وَلِعَظِيْمِ سُلْطَانِكَ. سُبْحَانَ اللَّهُمَّ لَا أُحْصِيْ ثَنَاءً عَلَيْكَ كَمَا أَثْنَيْتَ عَلَى نَفْسِكَ. اَشْهَدُ اَنْ لَا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ وَصَفِيُّهُ وَخَلِيْلُهُ، خيرُ نَبِيٍّ اَرْسَلَهُ اللهُ لِلْعَالَمِيْنَ بَشِيْرًا وَنَذِيْرَا.  

اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، صَلَاةً وَسَلَامًا دَائِمَيْنِ مُتَلَازِمَيْنِ اِلَى يَوُمِ الدِّيْنِ. أَمَّا بَعْدُ  

فَيَا عِبَادَ اللَّهِ. أُوْصِيْنِي نَفْسِي وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ المُتَّقُوْنَ. فَقَدْ قَالَ عَزَّ مَنْ قَائِلٌ قُلْ بِفَضْلِ اللَّهِ وَبِرَحْمَتِهِ فَبِذَلِكَ فَلْيَفْرَحُوا هُوَ خَيْرٌ مِمَّا يَجْمَعُونَ

Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, walillāhil hamdu

Hadirin jamaah shalat Idul Fitri rahimakumullah,

Sagala puji eta tetep kagungan Gusti Dzat Anu Maha Suci Allah Rabbul Izati. Shalawat miwah salam mugia salamina kasanggakeun ka junjunan urang sadayana Nabi akhir jaman kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam kalih ka kulawarga, shahabatna, tabiit tabiina sareng ka sadayana umatna anu mutaba’ah anu turut tumut sarta patuh ka anjeuna tug dugi ka yaumil Qiyamah.

Jamaah shalat Idul Fitri anu sami-sami mihareup ridha Allah subhanahu wata’ala,

Urang sadaya nembe pisan papisah sareng sasihan anu kawilang muliana, nyaeta sasih Ramadhan. Ku antawis kitu, sasih Ramadhan parantos mulih, sareng teu aya nu terang kumaha kapayunna, naha urang sadaya bakal patepang deui sareng sasihna atanapi henteu.

Para wargi sadayana, dina ngajalani sasih Ramadhan sahenteuna aya dua kelompok manungsa anu sakedahna ku simkuring didugikeun.

Nu Kahiji: Jalma-jalma anu ngarti sareng nyumponan kana hak-hakna Ramadhan sakumaha mustina.

Eta jalma teh ngajalankeun puasa di siangna, ibadah di waktos wungina oge tuangna tina harta anu halal, sareng ngajauhi kamaksiatan anu dilarang ku Gusti Allah subhanahu wata’ala.

Salain ti kitu eta jalma teh dina raraga nyuprih ridho Gusti Allah kalayan ku dipaparin kasungguhan. Tah eta jalma dina dinten ieu kalebetkeun jalma anu kengeng upah ganjaran kulantaran jerih payahna dina ngalakonan sagala parentah Gusti Allah.

Kelompok manusa anu sepertos kieu teh kalebetkeun Ahlullah. Maranehna dispesialkeun ku Gusti Allah dina waktosna bumi ku Allah digantos ku bentuk anu salian ti sifat bumi.

Langit ku Allah digantos ku hiji bentuk anu hente sepertoskeun nu sakumaha katingal, oge dina waktosna dunya ieuteh hancur, sementawisna sakabeh manusa lebet ka era baru, nyaeta kampung akherat anu abadi.

Sadaya amal manungsa ku Gusti Allah dijentrekeun, tur sagala jerih payahna ibadah salami di dunia ku Allah dibayar ku pahala anu dilipat gandakeun.

Gusti Allah ngadauhkeun dina salahsawios ayatna,

وَإِنَّمَا تُوَفَّوْنَ أُجُورَكُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ فَمَنْ زُحْزِحَ عَنِ النَّارِ وَأُدْخِلَ الْجَنَّةَ فَقَدْ فَازَ

Jeung ngan dina poé kiamat anjeun bakal dibayar ganjaran pikeun anjeun. Sing saha anu dijauhkeun tina naraka jeung diasupkeun ka shallallahu ‘alaihi wasallamarga, mangka satemenna manéhna geus meunang kauntungan.” (QS. Ali Imran: 185)

Sakur jalma anu Iman, oge ngajalankeun ibadah puasa sakumaha mustina, dina waktosna maranehna bakal katingal bingahna, gumbira oge seneng, tur nganikmati anugrah nu kawilang ageungna nyaeta tiasa mandang sareng ningal Dzat Gusti Allah subhanahu wata’ala.

وُجُوهٌ يَوْمَئِذٍ نَاضِرَةٌ

Sakur wajah dina poéan éta (poé kiamat) bakal caang jeung berseri-seri.”

إِلَى رَبِّهَا نَاظِرَةٌ

Ka Gusti maranéhanana, yen maranéhanana kasampak.” (QS. Al-Qiyamah: 22-23)

Dina poean eta oge sakabeh malaikat gumbira ku ningal jalma-jalma mukmin, sareng eta jalma diistimewakeun ku Gusti Allah sangkan tiasa lebet ka surga ti panto nu mana wae.

Ieu ku lantaran kasabaran anjenna dina nahan kahayang makan, nginum oge sagala hal nu dilarang ku Gusti Allah di waktos siang na sasih Ramadhan, jeung aranjeunna oge sabar dina raraga ngisi tiap waktosna ku ibadah sareng miharep ganjaran ti Gusti Allah. Ku ayana kitu didugikeun ka anjeunna sakumaha nu aya dina dauhan Gusti Allah subhanahu wata’ala,

سَلَامٌ عَلَيْكُمْ بِمَا صَبَرْتُمْ فَنِعْمَ عُقْبَى الدَّارِ

Malaikat nyarios (kamakmuran pikeun anjeun) nyaéta ganjaran ieu (berkat kasabaran anjeun) nalika anjeun aya di dunya (maka kawilang saéna tempat ieu) mangrupikeun hasil tina kalakuan anjeun.” (QS. Ar-Ra’d: 24)

Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, walillāhil hamdu

Dina salahsawios pidauhna kanjeng Nabi Muhammad shallallahu ‘alaihi wasallam, anjeunna parantos nyarioskeun yen di sasih Ramadhan teh aya lima hal anu hente pernah dipasihkeun ka hiji umat oge sateuacan ka kanjeng Nabi shallallahu ‘alaihi wasallam, nyaeta,

Dina wungian kahiji sasih Ramadhan, Allah subhanahu wata’ala ningal ka sakabeh umatna kanjeng Nabi. Sing saha jalma nu pernah ngalaman ditingal ku Gusti Allah, maka eta jalma moal pernah disiksa salawasna.

Kadua, lambeyna jalma nu puasa dina waktosna lebet di waktos sonten, hakekat bauna kawilang langkung seungit tibatan minyak kasturi.

Katilu, saban sapoe sapeuting salami Ramadhan, sakabeh malaikat mintakeun panghampura ka Gusti Allah.

Kaopat, Gusti Allah nyarios ka Surga, “Siapkeun tempat anjeun, hias kaayaan anjeun ku hiasan nu endah pikeun hamba kaula nu ngaluangkeun dirina pikeun ninggalkeun karepotan atanapi hiruk pikukna dunya sangkan sibuk dina raraga nyumponan rahmat kaula.”

Ibadallah, nu kawilang paling penting nyaeta nu kalima, yen dina wungian terakhir sasih Ramadhan Gusti Allah ngahampura sakabeh dosa hambana.

Salahsawios sahabat kanjeng nabi dina waktosna nguping kana ieu hadits teh, anjeunna tumaros ka kanjeng Nabi shallallahu ‘alaihi wasallam,

يَا رَسُوْلَ اللهِ أَهِيَ لَيْلَةُ الْقَدَرِ؟

Naha aranjeunna teh ku pedah ngameunangkeun wungian lailatul Qadar, ya Rasul?”

Kanjeng Nabi ngawaler,

لَا أَلَمْ تَرَ إِلَى الْعُمَّالِ يَعْمَلُوْنَ، فَإِذَا فَرَغُوْا مِنْ أَعْمَالِهِمْ وُفُّوْا أُجُوْرَهُمْ

Sanes, naha anjeun teu ningal saban karyawan anu nuju kerja? Dina waktuna maranehna nuntaskeun pagaweanna, pastina maranehna bakal nampi gaji.” (Syu’abul Iman No. 3331)

Hadirin, nu intina, sakumaha disebatkeun dina Al-Quran,

فَلَا تَعْلَمُ نَفْسٌ مَا أُخْفِيَ لَهُمْ مِنْ قُرَّةِ أَعْيُنٍ جَزَاءً بِمَا كَانُوا يَعْمَلُونَ

Henteu aya anu terang kana rupa-rupa ni’mat anu digadang-gadang, anu endah ditingalina pikeun ngabales aranjeunna, kana naon anu aranjeunna lakukeun.” (QS. As-Sajdah: 17)

Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, walillāhil hamdu

Para wargi jamaah sidang shalat Idul Fitri anu sami-sami miharep hidayah sareng taufikna Allah subhanahu wata’ala.

Kelompok atanapi jenis manusa anu kadua nyaeta saban jalma anu henteu ngamulyakeun sareng henteu ngahormat ka sasih Ramadhan ku jalan kasaean. Kelompok manungsa nu ieu teh dibagi kana dua bagean:

Nu Kahiji, nyaeta jalma-jalma nu teu ngaendahkeun parentah Gusti Allah ku lantaran kasombongan nu aya di dirina.

Maranehna teu ngajalankeun puasa sareng parentah nu sejenna, naon sababna? Margi maranehna teu percaya kana parentah al-Quran, kulantaran sifat angkuh nu bersemayam dina hatena, manusa nu kieu teh sakumaha digambarkeun ku Gusti Allah dina Al-Quran surat Al-A’raf,

إِنَّ الَّذِينَ كَذَّبُوا بِآيَاتِنَا وَاسْتَكْبَرُوا عَنْهَا لَا تُفَتَّحُ لَهُمْ أَبْوَابُ السَّمَاءِ وَلَا يَدْخُلُونَ الْجَنَّةَ حَتَّى يَلِجَ الْجَمَلُ فِي سَمِّ الْخِيَاطِ وَكَذَلِكَ نَجْزِي الْمُجْرِمِينَ

Saéstuna jalma-jalma anu ingkar kana ayat-ayat Kami jeung reueus ka maranehna, panto-panto shallallahu ‘alaihi wasallamarga moal dibuka pikeun maranehna sarta moal asup ka surga, nepi ka aya onta nembus liang jarum. Kituna Kami males ka jalma-jalma anu migawé kajahatan.” (QS. Al-A’raf: 40)

Ma’asyiral muslimiin..

Nu kaduana, nyaeta jalma-jalma nu teu puasa, teu nyumponan kana hak-hakna Ramadhan, tapi teu aya kasombongan dina dirina.

Maranehna kalebetkeun jalma nu sembrona dina ngajalani kahirupan, tapi dina hatena nancep kayakinan yen nu ku maranehna dilakonan teh lebet kana kasalahan, maksiat ka Gusti Allah, tapi maranehna ngarasakeun eleh ku hawa nafsu amarah maranehna, ku kalayan kitu maranehna kalebetkeun jalma nu lemah, sakumaha pidauh Gusti Allah,

وَخُلِقَ الْإِنْسَانُ ضَعِيفًا

Manusia diciptakeun lemah.” (QS. An-Nisa: 28)

Kelompok manusa jenis ieu dina waktosna maranehna ninggalkeun kawajiban puasa, misalna: maranehna sembari munajat ka Gusti Allah subhanahu wata’ala,

Ya Allah, kaula sembrono, teu ngaindahkeun parentah ti anjeun, kaula eleh ku godaan sareng rayuan hawa nafsu, godaan kaula kawilang beuratna, mugia anjeun ngahampura kaula, mugia ditampi taubat kaula.”

Maka, teu diragukeun deui, yen Gusti Allah pastina bakal ngahampura maranehna, ku sabab Gusti Allah nu maha pangampura sakabeh makhlukna, sanajan sagala kawajiban sepertos qodho puasa jeung nu lainna tetep kudu dicumponan.

Dina salahsawios hadits Qudsi anu shahih, Gusti Allah ngadauhkeun,

أَذنَب عبْدٌ ذَنْبًا فقالَ: اللَّهُمَّ اغفِرْ لِي ذَنْبِي، فَقَالَ اللَّهُ تَبَارَكَ وَتَعالى: أَذْنَبَ عبدِي ذَنْبًا، فَعَلِم أَنَّ لَهُ رَبًّا يَغْفِرُ الذَّنْبَ، وَيَأْخُذُ بِالذَّنبِ، ثُمَّ عَادَ فَأَذْنَبَ، فَقَالَ: أَيْ ربِّ اغْفِرْ لِي ذَنْبِي، فَقَالَ تبارك وتعالى: أَذْنَبَ عبدِي ذَنْبًا، فَعَلِمَ أَنَّ لَهُ رَبًّا يَغفِرُ الذَّنبَ، وَيَأخُذُ بِالذَّنْبِ، ثُمَّ عَادَ فَأَذْنَبَ، فَقَالَ: أَي رَبِّ اغفِرْ لِي ذَنبي، فَقَالَ تَبَارَكَ وَتَعَالى: أَذْنَبَ عَبدِي ذَنبًا، فعَلِمَ أَنَّ لَهُ رَبًّا يَغْفِرُ الذَّنْبَ، وَيَأْخُذُ بِالذَّنبِ، قد غَفَرْتُ لِعَبْدِي فَلْيَفْعَلْ مَا شَاءَ

Aya hamba Kami anu ngalakukeun dosa, tuluy manehna ngado’a ‘Ya Allah, ampuni dosa-dosa kami’, lajeng Allah ngandika deui, aya hamba Kami anu ngalakukeun dosa, manehna sadar, nyaho yen manehna boga Tuhan anu ngahampura dosa, manehna ngalakukeun dosa.deui, manehna ngado’a deui, ‘Ya Allah, ampuni dosa-dosa kami’, teras anjeunna ngado’a ‘Ya Allah, ampuni dosa-dosa kami’, lajeng Allah ngadawuh deui, aya hamba abdi anu ngalakukeun dosa, manehna sadar, uninga yen. Anjeunna kagungan Gusti nu Maha Kawasa, ngahampura dosa, anjeunna ngalakukeun dosa deui, anjeunna ngado’a deui, ‘Ya Allah, ampuni dosa-dosa kami’, Kami ngahampura hamba abdi, jadi laksanakeun naon wae manehna hayang.” (Muttafaq ‘alaihi)

Hal anu kawilang pentingna tina hadits ieu nu kedah dicatet, nyaeta yen dina waktuna hiji jalma ngalakukeun dosa kalayan dibarengan ku paraosan diponcrong sareng disaksikeun ku Gusti Allah terus.

Saatos kitu maranehna sadar sareng nyesel, teu lami manehna ngulangi deui ngalakukeun dosa, dugi kasaterasna kitu kayaanana, tapi manehna menta panghampura ka Gusti Allah sembari ngarasakeun salah jeung ngayakini yen Allah ngagaduhan sifat anu maha panghampura, maka Gusti Allah bakal ngahampura maranehna.

Sementawisna, dosa nu kawilang abotna (dosa besar) nyaeta manakala aya jalma nu maksiat ka Gusti Allah kalayan dibarengan ku kasombongan ka anjeunna, teu kersa ngarunduk jeung ngakui kana kasalahan nana ka Gusti Allah, padahal parantos nyata nu dilakukeun nana teh kalebet kana kasalahan, tah ku kaayaan kitu, ieu teh kalebet dosa anu kawilang bahayana.

Tangtos benten upami dina hate leutikna sok hadir paraosan salah, tapi kadang kadang kaulang deui ngalakukeun kasalahan, saterasna menta panghampura, sareng ngaraoskeun kaduhung teras taubat ka Gusti.

Tah kaayan kieu sok sanajan kaulang-ulang, in Syaa Allah bakal dihampura ku Gusti Allah, karena manusa tempatna salah sareng tempatna kalemahan.

Maranehna henteu bisa ngabentengi dirina masing-masing saratus persen. Saban-saban jalma aya dina sakumaha kakuatan imanna anu teu sami.

Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, walillāhil hamdu

Dina waktos enjing-enjing anu kawilang endah ieu, kaula ngajak ka sadulur-dulur kabeh. Hayuk urang sami-sami bersyukur kana sagala kanikmatan ti Gusti Allah, salahsawiosna nikmatna tiasa ngajalankeun parentah puasa sabulan pinuh kalayan dibarengan ku ibadah dina wungian nana.

Urang sadaya sayogyana gumbira kana sagala rupi anugerah sareng rahmatna Gusti Allah,anu sakumaha dipidauh ku anjeunna dina Al-Quran,

قُلْ بِفَضْلِ اللَّهِ وَبِرَحْمَتِهِ فَبِذَلِكَ فَلْيَفْرَحُوا

Ucapkeun, Wahai Muhammad, ‘Ku lantaran karunia Allah jeung rahmat-Na, maka aranjeunna gumbira.” (QS. Yunus: 85)

Upami aya diantawisna urang sadaya nu henteu ngisi sasih Ramadhan ku lakonan nu sae, mangga urang sami-sami munajat ka Gusti Allah, nyuprih panghampurana. Mugia Gusti Allah ngahampura sagala dosa urang sadaya.

Mangga urang ngadoa, mugia Gusti Allah subhanahu wata’ala maparin hidayah, inayah oge taufikna pikeun urang sadaya sangkan urang sadaya sareng kulawargi janten jalma-jalma nu taat ka Gusti Allah sareng Rasulna.

Nu puncakna, dina waktosna urang sadaya dipanggil ku Gusti Allah kalayan aya dina kaayaan husnul khatimah. Allāhumma Āmīn.

اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. وَاَمَّا مَنْ خَافَ مَقَامَ ربِّهِ ونَهَيَ النَّفْسَ عَنِ اْلَهوَى فَاِنَّ الْجَنَّةَ هِيَ اْلمَأْوَى.

جَعَلَنَا اللهُ وَاِيَّاكُمْ مِنَ اْلعَائِدِيْنَ وَاْلفَائِزِيْنَ وَاْلمَقْبُوْلِيْنَ وَاَدْخَلَنَا وَاِيَّاكُمْ فِى زُمْرَةِ عِبَادِهِ الصَّالِحِيْنَ

وَاَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا وَاسْتَغْفِرُ لِي وَلَكُمْ وَلِوَالِدَيَّ وَلِسَائِرِ اْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرْهُ اِنَّهُ هُوَ اْلغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ

KHUTBAH KADUA

اَللهُ أَكْبَرْ، اَللهُ أَكْبَرْ، اَللهُ أَكْبَرْ، اَلْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لاَإِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ

فَيَاعِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِيْ كِتَابِهِ اْلعَظِيْمِ إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِيِّ، يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ أَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا

اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِهِ وَأًصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِ التَّابِعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلىَ يَوْمِ الدِّيْنِ. وَعَلَيْنَا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِماَتِ، وَاْلمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَات، اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ يَا قَاضِيَ اْلحَاجَاتِ

رَبَّنَا افْتَحْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ قَوْمِنَا بِاْلحَقِّ وَأَنْتَ خَيْرُ اْلفَاتِحِيْنَ. رَبَّنَا أَتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

عِبَادَ اللهِ إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهىَ عَنِ اْلفَحْشَاءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ

Download PDF materi Khutbah Idul Fitri di sini:

Semoga bermanfaat!

Pilihan materi khutbah Idul Fitri lainnya dapat Anda temukan di sini:

Topik Terkait

Mubin Amrullah

Direktur Markaz Tahfidz Daarut Tanziil Bogor Jawa Barat, Alumni LIPIA Jakarta dan Magister Dirasah Islamiyah UIN Syarif Hidayatullah Jakarta, Konsentrasi Syariah Islam (Ilmu Studi Islam).

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *